Contoh Pupuh Mijil Singkat

Dihandap ieu mangrupakeun sababaraha conto pupuh mijil
  • Tobat

Aduh kaduhung basa keur leutik

Sim abdi rumaos

Boro-boro milampah nu hadé

Ngan ngagugu ka napsu di diri

Hapunten ka Gusti

Tumeras disaur


  • Konci hirup

Genah hirup mun loba pangarti

Siga paripaos

Ngawasa dunya gé moal hésé

Antukna mimpin saerusi nagri

Moal lanca linci

Pasti subur makmur


  • Mopohokeun Indung

Bener kaduhung datang pandeuri

Teu bisa diilo

Matak ngaraheutkeun kana haté

Mopohokeun indung nu geus bakti

Mupusti ka diri

Mangkana tong kupur


  • Papatah kolot

Lamun hirup tong biasa jalir

Anggur mah sing getol

Néang sobat nu akhlakna hadé

Ngarah hirup aya nu ngageuing

Tur ngajak miéling

Ka Gusti nu gofur


  • Dosa Midua Gusti

Mangsa datang sukma bakal leungit

Moal sempet mios

Tuh kantun nyinghareup poé mongkléng

Bongan geus wani midua gusti

Rék kumaha balik

Dosa teu ka ukur

 


Komentar